Assalamu’alaikum Wr.Wb.
Alhamdulillahilladzi ahallan nikah wa harroma
sifah, wassholatu wassalamu ‘ala rosulillah wa’ala alihi washobihi wamawwalah
amma ba’du. Yaa FattahuYa ‘Aliim
… Iftah lanaa futuuhal ‘aarifin
Langkung ti payun balungbang timur caang bulan
opat belasna puja bari dipirig ku sucina puji, hayu urang sanggakeun ka
khadirat Alloh robbul izati, margi mung mantena dzat hakiki anu nakdirkeun
urang sadaya dina waktos ieu tiasa patepung lawung paamprok jonghok, andon
kasono, tiasa hempak merbayaksa, kalayan aya dina kaayaan sehat walafiat. Dina
raraga ngaitkeun tali kaasih kalih silaturahim antawis kulawarga jembar ... ti
... sareng kulawarga jembar ... ngajadikeun jangji pasinina dua sejoli, dua
sejoli anu parantos sabeungkeutan satujuan, satujuan seja pasang subaya baris
ngahiji ngalaki rabi. Anu baris sanada sanadi ngamaenkeun petikan2 melodi dina
iringan simponi jatukrami. Sanada sairama ngahaleuangkeun ayat2 cinta dina
pirigan orkestra rumah tangga. Sasahdu sarindu nyukruk galur sunnah rosul,
mapay riwayat para ambiya, mipir warisan para nabi, muru gedong duwur kali
sambung, pagulingan samia tingtrim, balingbing lan jeruk manis.
Teu kakantun seahna mahabbah nu singgah dina
manah ngalangkungan rumpaka shalawat miwah salam sagemblengna mugia dilimpah
curahkeun ka jungjunan alam, pangagung linuhung, papayung agung nu suwung tina
sipat adigung, jalmi pinilih satria pininggit lalaki langit lalanang jagat nu
janten pupujaning ati sadaya umatna, habibana, wasafiina, wakarimina walmaulana
Muhammad saw.
Neda widi tinu galih
anu wening manah anu sétra saréhna sim kuring kaselir ku pun dulur kulawarga
jembar Bapak …. sinareng Ibu … kanggo ngiring sumanggem
minangka wawakil ti sepuhna panganten istri.
Namung sateuacana seja sanduk-sanduk nya
tawakup, neda agung cukup lumur neda jembar hampurana, bilih sim kuring
cumarios sabalang béntor, aya basa nu teu kahartos, teu puguh leunjeuranana,
teu puguh éntép seureuhna ma’lum sim kuring tebih tina sugri nastiti, anggang
tina subasita kawantu sanés ahlina.
Kalih perkawis bilih
kirang tata-titi duduga prayoga teu aya bémakarama teu aya pupurianeunana, teu
aya siruweunana sakali deui hapunten anu kasuhun.
Kantenan ana jung
nangtung, naon rupi anu bade dikedalkeun lus les laleungitan, Bakat ku tagiwur
dugi ka kalbu asa dag dig dug, manah asa kasima saur paripaos pamatuk asa disamber
dudut, caréham asa dipontrang rulang, raos asa bareuheudeun ngadak-ngadak asa
katenggok tikoro, katéja elak-elakan, asa kapetik mamanik teu puguh laku asa
kapupul bayu. Da puguh kedah
mitutur payuneun para pangagung, kedah sumanggem dipayuneun para menak.
Sim kuring kalayan
ngabantun asmana kulawargi jembar
panganten istri seja nyanggakeun salam
pangbagea
Jagong tuhur beunang ngunun
Tutut gunung keong reuma
Unjuk nuhun nu kasuhun
Kana kasumpingan kadang wargi sadayana.
Mugia Bapa
… miwah Ibu …
sepuhna panganten pameget kalih rombongan landung kandungan laer aisan
tawakup anu kasuhun tina sanes kanten kakirangan.
Ngahaturkeun
nuhun ka wawakil anu parantos ngadugikeun kedal lisan pamaksadan anu atra tur
pertela. Naon rupi anu didugikeun ku mantena tadi estu lahir
tina
ati anu wening, kedal manah anu setra. Sageuy upami kedah domomorekeun. Sadaya
rombongan anu sumping ti … kagungan pamaksadan anu sami seja jajap asih
ngaduakeun ka panganten anu sakedap deui baris diistrenan. Mudah-mudahan dina
engoning ngarumah tanggana aya dina ginulur
rahayu ti waktu ka waktu, pinuh ku ginalar kabagjaan ti mangsa ka mangsa
Bapa …
miwah rombongan, Alhamdulilah wasukrulilah maksad sinareng tujuan Bapa
sakulawargi kahartos pisan. Kilang kitu pun anak sanes daek mung semet purun
wungkul dumeh kabaledog jodo, da puguh
sagala tuna, rumaos laip, lieuk euweuh ragap taya, semet nyanggakeun badan
sakujur, keur batur ngatur hirup kapayun. Kang putra … kasumpingan
salira miwah kulawargi ditampi ku asta kalih, kasangga ka lingga murda,
binarung bingah amar wata suta, bingah kagiri-giri, mun gunung tanpa tutugan,
sagara tanpa tepian ku ageung-ageungna kabingah sim kuring sakulawargi.
Para Ibu miwah para
Bapa anu salamina mugia dimulyakeun Alloh, pajar teu jangjang teu jingjing,
pajar jonghok bari lengoh, geuning buktosna cacandakan anu sakieu rebona, ieu
sadaya silokaning pangais asih katampi ku asta kalih mugia rizkina ku Alloh
sing ditambih-tambih. Rizki nu
dipaparinkeun mugi sing rekah ngarandakah batan manjah, sing rekeh ngarendekeh
batan sereh.
Hadirin anu ku sim kuring dipihormat,
Sateuacan dipungkas, sakali deui mangga urang sami-sami ngado’a
mugia ieu dua insan papasangan anu bade diakadan teh sing tiasa ngawangun rumah
tangga anu sakinah, mawadah, wa rohmah. dipageran ku hasanah, dipapaesan ku istikomah, sareng digindingan
ku ahlakul karimah. Rumah tangga anu
sejahtera lahir batin, bagja dunya rawuh akherat. Bral anaking hidep duaan gera
tatan-tatan beber layar tarik jangkar, geura sungsi pulo pangharepan. Parahu
rumah tangga hidep duaan muga sing bisa ngungkulan motahna ombak sagara
kahirupan. Barakallahu laka – wa baraka
‘alaika – wa jama’a bainahuma fii khoiriin.
Panutup catur,
pamungkas carita, seja sanduk-sanduk palalaku tina ireug katalingeuh boh bilih
kirang tata, kirang titi, kirang duduga peryoga, kirang dina anggah-ungguhna,
kirang merenah dina kalimah, kirang utami dina panampianana, taya sanes neda
agung cukup lumur, neja jembar pangampura. Hapunten anu kasuhun. Hampura anu diteda.
Nasrumminalloh wafathul qorib wabasyiril
mu’minin.
Wassalamu alaikum warihmatullohi
wabarokaatuh.

Comments
Post a Comment